Padamelan Rasul-rasul 21
Sanggeus amit-amitan ka para pamingpin jamaah Epesus, terus balayar lempeng ka pulo Kos. Poe isukna nepi ka pulo Rodos, ti dinya terus ka Patara.
Di Patara manggih kapal anu geus rek balayar ka Penesia, tuluy parindah ka eta kapal terus indit balayar.
Nepi ka palebah pulo Siprus anu tembong di beulah kenca, kapal mengkol nuju ka Siria. Di Tirus kapal balabuh, tuluy tarurun, sabab kapal rek bongkar muatan.
Sanggeus tarurun tuluy ngalayad ka dulur-dulur sakapercayaan, ngadon nganjrek saminggu. Dulur-dulur teh nganasehatan tina pituduh Roh Suci, supaya Paulus ulah waka angkat ka Yerusalem.
Sanggeus tujuh poe bral deui neruskeun perjalanan, dialanteurkeun ku sarerea jeung anak bojona masing-masing nepi ka luar kota. Di basisir sarerea tarapak deku sarembahyang.
Sanggeus sasalaman cat sarerea kana kapal, nu ngalanteurkeun marulang deui.
Ti Tirus balayar teh nepi ka Petolomais, tuluy manggihan dulur-dulur sakapercayaan, ngarereb heula di maranehna sapoe.
Poe isukna balayar deui nepi ka Kesarea ngaso heula di Pilipus juru injil, hiji ti anu tujuh pangbantu anu bareto diangkat di Yerusalem tea.
Pilipus kagungan putra parawan opat, kabeh barisaeun ngawejang.
Sanggeus meunang sababaraha poe, aya nabi ti Yudea jenenganana Agabus,
sumping mendakan. Nabi teh terus nyandak beulitan Paulus dianggo ngaringkus anjeun, panangan jeung sampeanana bari tuluy ngalahir kieu, "Saur Roh Suci, nu kagungan ieu beulitan bakal dibarogod cara kieu ku urang Yahudi di Yerusalem, saterusna diserenkeun ka bangsa sejen."
Nguping kasauran anjeunna kitu sim kuring sarerea nunuhun ka Paulus, supaya anjeunna ulah terus ka Yerusalem.
Tapi anjeunna ngawaler, "Kumaha ari dulur-dulur, anggur careurik matak seber kana hate kaula? Kaula mah ulah mun dibarogod, demi Gusti Yesus sanajan nepi ka dipaehan oge di Yerusalem suka lilah."
Ku sabab anjeunna teu beunang dihalang-halang, tungtungna sarerea pasrah bari ngomong kieu, "Dalah di kumaha, urang sumerah kana pangersa Gusti bae."
Sanggeus sababaraha poe deui seug darangdan, bral arindit ngajugjug ka Yerusalem.
Aya anu bareng ti Kesarea nu rek ngalanteurkeun ka bumina Menason, urang Siprus anu geus lila anutna ka Yesus, sabab rek nganjrek di anjeunna.
Sanepina ka Yerusalem, dulur-dulur sakapercayaan kacida ngabageakeunana.
Poe isukna Paulus nepangan ka Yakobus, sim kuring sabatur-batur dicandak.
Paulus muka carios, ngadadarkeun sagala hal anu dipidamel ku Allah di kalangan bangsa sejen ku perantaraan anjeunna, ditetek ti awal nepi ka ahir.
Anu ngabarandunganana kabeh maruji sukur ka Allah. Geus kitu saur aranjeunna, "Saderek Paulus! Mugi kauninga, parantos mangrebu-rebu urang Yahudi anu parantos sakapercayaan sareng urang, nanging sararegep keneh kana Hukum Musa.
Maranehna parantos kenging wartos, yen urang Yahudi anu marukim di antawis bangsa sanes ku Saderek dipiwarang naringgalkeun Hukum Musa, teu kedah nyarunatan anak-anakna, sareng teu kenging nganggo adat kabiasaan urang Yahudi.
Ku margi kitu ayeuna kumaha pisaeeunana? Urang dieu tangtos tarerangeun Saderek sumping.
Sae urang atur kieu: Di dieu kaleresan aya opat jalmi anu garaduh nadar.
Saderek kedah ngiring susuci sareng maranehna. Paparin waragad keur ongkos maranehna dicalukur. Pang diatur kieu teh supados tembong ka urang dieu, yen perkawis Saderek anu kawartoskeun ka maranehanana teh teu leres, margi kataringaleun yen saderek oge ngalakonan parentah Hukum Musa.
Dupi bangsa sanes anu parantos sakapercayaan sareng urang mah parantos diseratan ti dieu, yen kedah pantrang kana kadaharan urut sasajen ka brahala, teu kenging ngadahar getih atanapi sato anu paeh bangkar, sareng teu kenging jinah."
Poe isukna Paulus bareng susuci jeung nu opatan tea. Sabada eta anjeunna terus lebet ka Bait Allah, mopoyankeun iraha pitutupeunana poe susuci pikeun nyaranggakeun kurban.
Tapi sanggeus poe susuci rek tamat tujuh poe, Paulus katarenjoeun di jero Bait Allah ku urang Yahudi anu daratang ti wewengkon Asia. Maranehna ngahucuhkeun nu sejen bari nyerek ka Paulus,
tuluy tinggarero, "Urang Israil, ka darieu barantuan! Ieu yeuh jelema anu di mana-mana ngangsonan batur teh, sina ngamusuh ka urang Israil, kana Hukum Musa, jeung ka Bait Allah! Ayeuna oge ngasupkeun bangsa asing ka ieu gedong, nganajiskeun ieu tempat suci!"
(Majarna kitu teh dumeh di kota narenjoeun Paulus bareng jeung Tropimus urang Epesus, samarukna dibawa asup ka Bait Allah.)
Kota jadi geunjleung, jelema-jelema lalumpatan kabeh muru ka Paulus. Anjeunna dicerek, tuluy disered ka luar ti jero Bait Allah, panto-pantona gancang dipeundeut-peundeutkeun.
Paulus geus rek dipaehan, tapi kaburu kabejakeun ka komandan pasukan Rum yen Yerusalem keur rusuh tagiwur.
Panglima gancang mepek balad jeung sawatara perwira, tuluy muru ka tempat karusuhan. Narenjo komandan pasukan datang mawa balad, jelema-jelema teh areureun mahalana ka Paulus.
Komandan ngadeukeutan, Paulus ditangkep jeung diparentahkeun supaya diborgol ku dua rante. Panglima mariksa, "Saha ieu jelema? Naon salahna?"
Jalma-jalma narembalanana tingjarerit itu kitu, ieu kieu. Ku sabab teu paruguh, panglima teu meunang katerangan anu bener, nu matak tuluy marentah supaya Paulus dibawa ka jero benteng.
Barang nepi kana tangga benteng, Paulus kapaksa kudu dipunggu ku serdadu-serdadu, sabab digencet ku nu naluturkeun anu geus kacida garalakna.
Maranehna terus bae nyesedek bari tingjarerit, "Paehan!"
Barang rek diasupkeun ka benteng, Paulus mihatur ka panglima, "Kenging sim kuring mihatur?" Walon panglima, "Geuning bisa basa Yunani?
Sugan teh maneh urang Mesir tea, anu bareto ngamuk tuluy kabur ka gurun keusik jeung tarukang rusuh lengkep sapakarangna."
Waler Paulus, "Sim kuring mah urang Yahudi, warga kota Tarsus, kota penting di Kilikia. Nyuhunkeun widi nyanggem ka eta jalmi-jalmi."
Panglima ngidinan. Paulus ngadeg dina tangga, pepeta ku panangan supaya jarempe. Sanggeus jarempe pok anjeunna nyarios ku basa Ibrani: